Desember 03, 2008

Ki Sunda

Hiji mangsa kuring nguseup jeung budak, budak teh dipapatahan cara ngeupanan teh kudu tarapti “ngarah clom kunyunyud giriwil”,teu di sangka ku dewek tah budak teh nanyakeun ari “clom kunyunyud giriwil naon basa Indonesiana ! Leng ngahulang tah dewekteh bari seuri leutik mikiran “Padanan bahasa Indonesia na” Di bulak balik ge euweuh idiom nu ngeunaan jeung eta kalimat teh…Unik basa sundamah sok teangan “ngabubuy boled” padanan indonesiana naon..

Masing-masing lingkungan sukubangsa di Indonésia miboga kabudayaan anu mandiri. Miboga adat-istiadat nu mandiri. Nu panggancangna kaciri tina basana, masing-masing sukubangsa miboga basa anu mandiri, basa nu ngan digunakeun ku jeung di lingkungan sukubangsa éta baé. Urang Sunda, sukubangsa Sunda ngagunakeun basa Sunda, urang Jowo geus pasti pamakena Boso Jowo, urang Minang ngagunakeun basa Minang, urang Batak ngagunakeun basa Batak. Nyaéta basa anu sok disebut basa daérah, nu di lingkungan ilmu sok disebut basa indung. Hartina basa anu digunakeun ku indung ka anak anu kungsi dikandungna.

Ngan dina palebah dieu, ayeuna mah teu bisa dijadikeun katangtuan, sabab réa indung urang Sunda nu sanajan salakina gé urang Sunda, tara daékeun ngagunakeun basa Sunda ana nyarita jeung anakna. Ku sabab aya anggapan yén basa Sunda mah basa daérah, dianggap perenahna sahandapeun basa nasional – jauh di handapeun basa asing cara basa Inggris. Ieu kaayaan tangtu baris nangtukeun nasib basa Sunda ka hareup. Lamun kabéh indung jeung bapa urang Sunda, geus henteu daraékeun deui ngagunakeun basa Sunda nyarita jeung barudakna, tanwandé ka hareup mah basa Sunda téh moal aya nu ngagunakeun deui.

Lamun urang Sunda geus henteu ngagunakeun deui basa Sunda, basa Sunda baris disebut basa paéh siga basa Sangsakerta, Lamun basa Sunda kagolongkeun kana basa anu geus paéh, atuh urang Sunda gé baris henteu aya di kieuna deui. Dugi ka danget ieu mah bisa disebut Ayeuna nasib basa sunda pikawatireun, ngajoprak teu walakaya.Lamun di renyepan eta babasaan teh asa bener kaayaanana...

cik cobi kuurang saliksik, loba jelema sunda anu hirup di kota anu bahasana lain sunda...kuringmah sok asa ngahanjakalkeun lamun manehna pakawulan jeung urang sunda deui bari teu make bahasa sunda... cenah ari cirina jalma anu berbudayateh nyaeta berbahasa, berarti tina sapalihna budaya sundateh nyaeta bahasa sunda...lamun lain kuruarang nu ngaropea, nya bade kusaha deui???
cik ayena teang, tong boro di Jakarta, di kota kota anu jelas di Jawa Barat loba jelma sunda anu teu make bahasa sunda pas kawul jeung sunda deui...jelma naon ari nukituteh...kocapkeun kuring pernah nanya kajalma model kitu, jawabanamah alus! cik lenyepan deui ku urang salaku warga sunda, komo nu geus jarang make bahasa sunda mah...REK KUSAHA DEUI? lamun lain kuurang nungaropeana.

Bodo teuing ah rek disebut sundaisme heg da kuringmah urang sunda...
rek disebut sukuisme ulah atuh pohara da ieumah pangemut pikeun urang sunda wungkul...komo nu geus teu ngaropea kana bahasana sorangan...sok sanajan garihal!

Mun dilenyepan bener ceuk Doel Sumbang ( urang Sunda)ari urang sunda kamarananya,di sebut aya da euweuh disebut euweuh da aya